Makalah Basa Sunda Tentang cara di ajar nu bener

 Makalah Ngajaga Kaamanan Sakola

KECAP PANGANTER

Puji sareng syukur mangga urang sanggakeun ka hadirat Alloh SWT lantaran barkat rahmat-Na simkuring saparakanca tiasa ngabereskeun ieu karya makalah kanggo nuntaskeun pancen ti Bapa/Ibu Guru.
Sholawat sareng salam mugi-mugi salamina kacurah limpahkeun ka jungjunan alam nyatana Nabi Muhammad SAW, teu hilap ka kulawargina sareng ka shahabatna sareng mudah-mudahan dugi ka urang sadayana. Amin …
Makalah ieu di judulan ku  ‘’ Makalah Basa Sunda Tentang cara di  ajar nu bener “, anu tujuanna pikeun nyumponan pancen ti Guru Basa Sunda.
Tujuan anu sejenna nyaeta pikeun nganyahokeun cara ngajaga kaamanan sakola   .
 

Bandung,  Januari 2015

Penulis

BAB 1

BUBUKA


A.KASANG TUKANG
Sangkan urang nyieun makalah ieu teh teu asal asalan sangkan babari ngabahasna . sim kuring sareng rerencangan milih judul cara di  ajar nu bener supados urang sadaya ngarti kana pentingna di ajar , sangkan urang bisa menangkeun elmu anu bermanfaat kanggo kahirupan urang sadaya . mugi mugi ku ayana makalah ieu urang salaku siswa siswi bisa di ajar nu bener  tur tekun di ajar ngaregeupkeun sangkan tartib kana di ajar . supados kapayuna urang sadaya tiasa nerapkeun pentingna di ajar nu bener

B.TUJUAN
Supados urang pinter , rajin jeung tekun kana di ajar .
Contona :
 upama urang di ajar anu bener pasti  urang bakal ngacapai cita cita nu ku urang di pika haying
nu kadua upama urang terang cara di ajar nu bener pasti urang bakal meunangkeun elmu nu ber manfaat kanggo urang sadaya .


BAB 2
CARA DI AJAR NU BENER

A.KUDU NGAREGEUPKEUN
Dina di ajar anu bener aya babaraha anu kudu di pikawanoh ku urang salaku palajar
Salah sahijina ngareugeupkeun .
Ngareugeupkeun nyaeta salah sahiji cara sangkan urang bisa ngarti jeung bisa mahamkeun naon anu di jelaskeun ku ibu atawa bapa guru dina cara ngareugeupkeun the aya manfaatna salah sahiji manfaat dina ngaregepkeun teh loba pisan nyaeta :
1.diantarana urang sararea bisa ngarti jeung paham naon anu di caritakeun ku guru teh naha da teu hese di ajar mah , urang mah tinggal diuk , merhatikeun naon anu kudu di regepkeun ku urang sarerea teh soalna salah sahiji cara mun haying di ajar anu bener  teh jeung  meh  gancang ngarti teh koncina mah nyaeta konsentrasi . jeung urang kudu bisa ngaregepkeun naon  anu ku guru di ajarkeun .  teu kudu loba nulis , teu kudu kumaha kumaha nu penting urang bisa ngaregepkeun kana eta pelajaran .

B.TEKUN KANA DI AJAR
Tekun kana di ajar nyaeta urang teh kudu getol sakola lamun urang teu rajin moal pinter pinter .sarta upamana urang teu getol kana kagiatan di ajar urang moal bisa meunangkeun elmu nu berguna kanggo urang kapayunna , tah jadi urang sarerea teh kudu di ajar bener bener upami urang hayang bisa kana pelajaran eta urang ulah kedul sangkan urang kudu giat kana di ajar jeung sakola , lamun teu sakola jeung di ajar urang bakal tinggaleun zaman tur teknologi nu beuki maju , sangkan ku kitu urang sarerea kudu bener bener kana di ajar tong ngecewakeun kolot urang nu ges berjuang kanggo nyakolakeun urang ,teras urang kudu rajin maca ku sabab tinu maca urang bakal meunangkeun elmu tina eta bacaan sabagean barudak ayeuna kurang minat kana bacaan ku sabab teknologi geus canggih,barudak ayeuna mah di bandingkeun jeung di ajar resepna kana nyoo hp atanapi internet anu berlebihan teu nyaho waktu jang di ajar.

C.TARTIB
Salian ti ngareugeupkeun jeung tekun kana di ajar aya salah sahiji cara pikeun bener di ajar nyaeta tartib , tartib kana di ajar mangrupakeun kawajiban urang salaku pelajar.boh tartib kana di ajar atawa tartib kana aturan sakola , bisa oge tartib datang ka sakola tepat waktu .
Tartib oge bisa di artikeun tartib kana aturan sopan santun kawarga masyarakat nu aya di sakola di antarana bae , hurmat ka bapa ibu guru di sakola, ka sasama babaturan ge urang kedah sopan santun boh dina bahasa atanapi sikap . hal eta kudu di terapkeun sangkan urang bisa bener bener di ajar.tartib oge nyaeta urang kudu tartib teu ngalanggar aturan anu aya di sakola , sangkan urang bisa di ajar tenang ari urang tartib kana di ajar mah ,urang bisa konsentrasi tur Nyman kana di ajar.


Bab 3
Panutup
A.Kacindekan
Dina analisis anu tadi urang bisa nyimpulkeun yen di ajar anu bener teh loba mangfaatna pikeun urang mayunan zaman anu ges serba canggih ieu , sarta urang bisa meunangkeun elmu nu berguna kanggob kahirupan urang sadaya,pikeun urang bisa ngacapai tujuan atawa cita cita nu salami ieu ku urang di pikahayang ,sangkan urang bisa ngajalani hirup anu mibogaan elmu nu bermanfaat kanggo kahirupan dunya jeung akherat.


B.Saran
Jadi urang sadaya teh kudu miboga niat nu panceg sangkan urang bisa di ajar anu bener tur tekun kana proses di ajar,di ajar boh di sakola atanapi di tempat anu urang bisa meunangkeun elmu tina eta tempat.
Previous
Next Post »

1 komentar:

Write komentar
9 Maret 2016 pukul 07.20 delete

punten bunda...
abdi ngiring ngabala didieu

http://www.mygurukufile.ml/p/sajak-sajak-sunda.html

Reply
avatar